Kamis, 21 Juni 2012

Papatah Kolot Baheula

Papatah kolot baheula

Sanghyang Mughni Pancaniti
  1. Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
  2. Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
  3. Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
  4. Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, jadi bagal pangawasa, matak sing ati-ati
  5. Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
  6. Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwih sanget tibatan sungut
  7. Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal panggih jeung balitungan
  8. Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
  9. Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
  10. Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah


  1. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
  2. Jelema mah tungkul tumpuk kaluluputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, jangji isuk rajeun tara kapake sore.
  3. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
  4. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
  5. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
  6. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
  7. Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
  8. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareundeuk saigel
  9. Ari nu ngaranna hukum adil teh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
  10. Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dangdeur. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
  11. Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
  12. Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di inget, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa
  13. Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu alum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
  14. Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
  15. Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti
  16. Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
  17. Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
  18. Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na

Tidak ada komentar:

Posting Komentar