Papatah kolot baheula
Sanghyang Mughni Pancaniti
- Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka
medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku
ka medan tempur ulah ujub
- Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
- Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
- Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, jadi bagal pangawasa, matak sing ati-ati
- Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
- Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwih sanget tibatan sungut
- Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan
saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal panggih
jeung balitungan
- Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
- Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
- Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah
- Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
- Jelema mah tungkul tumpuk kaluluputan, tanggah tempat kalalepatan.
Samenit ganti sajam robah, jangji isuk rajeun tara kapake sore.
- Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
- Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
- Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
- Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
- Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
- Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak.
Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareundeuk saigel
- Ari nu ngaranna hukum adil teh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
- Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai
randu, lamun di leuweung kai dangdeur. Dipake pangorek bingkeng, dipake
pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu
niupna
- Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara
poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian,
mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung
huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan
pasampangan
- Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu
mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda,
diecagkeun, moal di teang, moal di inget, geus wayahna nyampeur kabagja,
geus wayahna ninggali kahareup, ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun
anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa
- Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun
hate anu alum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah
alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
- Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
- Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti
- Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
- Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
- Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na